Medar Artikel | Materi Ka 2
Sanggeus hidep réngsé niténan, maham kekecapan- tur ngajawab pertanyaan-pertanyaan di luhur, sangkan pangaweruh hidep ngajembaran sarta hidep mampuh nyangkem matéri pangajaran, pék baca pedaran di handap ieu!
Artikel téh ngabogaan harti salaku hiji karangan faktual (nonfiksi) ngeunaan hiji masalah sacara lengkep, anu panjangna teu tangtu, pikeun dimuat di media massa. Artikel kaasup kategori tulisan views (sawangan, nyaéta tulisan anu eusina sawangan, ideu, opini, kumaha nu nulis ngajén kana hiji masalah atawa kajadian.
Artikel téh hartina karya tulis lengkep dina média massa saperti surat kabar, majalah, tabloid, jeung sajabana. Aya ogé nu nyebutkeun, artikel nyaéta tulisan lepas nu eusina mangrupa opini hiji jalma anu ngajujut hiji masalah nu tangtu, sipatna aktual atawa kontrovérsial kalawan udagan pikeun méré nyaho (informatif) jeung ngayakinkeun (pérsuasif arguméntatif), atawa ngahibur halayak nu maca (rékréatif).
Nu dimaksud lepas téh sabab saha waé bisa nulis artikel, kalawan topik anu bébas, saluyu jeung minat sarta widang kaahlian dirina masing-masing. Nu nulis artikel raket patalina jeung hiji ideu atawa gagasan ngeunaan pasualan jeung solusi anu hayang ditepikeun ka halayak. Nulis artikel, biasana miboga udagan pikeun nawarkeun solusi pikeun ngungkulan masalah, ngadidik, ngahibur jeung mangaruhan nu maca.
1. Kalungguan Jeung Kagunaan Artikel
a. Penerjemah Warta dina Kalawarta
Pikeun kalawarta, tabloid, atawa majalah, artikel nu ditulis ku ahli dina widangna miboga fungsi minangka pangaping sakaligus minangka penerjemah jeung nu nganalisis warta. Artikel, miboga fungsi pikeun ngahijikeun fakta-fakta dina warta kana hiji wengkuan jéntré, tandes, sarta ngeunah dibacana.
b. Wahana diskusi geusan néangan solusi sarta prosés aktualisasi jeung éksisténsi diri.
- Wahana diskusi jeung sosialisasi gagasan. Salakumasarakatintelék, nunulistangtumiboga kahariwang ngeunaan naon nu kabandungan, kabaca, katempo, nu kadéngé, sajeroning pangalamanana. Tuluy manéhna ngajén sarta ngangtukeun sikep kana pokok pasualanana. Salaku individu nu intelék manéhna miboga sikep ngeunaan hiji bebeneran, kajujuran, kaadilan, démokrasi, nanjeurkeun hukum, norma-norma sosial agama, atawa hal anu sifatna normatif ogé diaku sacara universal.
- Sarana kontribusi pamikiran pikeun méré solusi kana hiji masalah. Pikeun nu nulis artikel, yén nulis pikeun média massa téh dirojong ku tékadna pikeun méré kontribusi pamikiran dina raraga néang solusi kana hiji hal anu karandapan ku masarakat atawa bangsa.
- Sarana aktualisasi sakaligus pikeun éksisténsi diri. Teu saeutik jalma sacara sadar nulis artikel konsumsi pérs téh minangka sarana aktualisasi sakaligus éksisténsi diri. Descrates miboga pamadegan cogito ergo sum ‘saya berpikir maka saya ada’. Ngan jalma nu daék mikir nu bisa némbongkeun ajén diri nu bakal diaku ku masarakat.
2. Ciri Artikel
Artikel nu ditulis pikeun kalawarta atawa majalah mibanda tujuh ciri diantarana:
a. Aya ngaran anu nulisna
Artikel nyaéta karya individual, hartina dina artikel ngaran nu nulis kudu dicantumkeun kalayan jelas. Pikeun artikel opini ngaran nu nulis biasana ditulis di luhur/di handapeun judul tulisan. Tapi lamun kategorina di luar opini contona artikel ‘ringan’ jeung artikel praktis ngaran nu nulis ditulis rada disumputkeun ku cara disimpen di ahir tulisan jeung ditempatkeun di jero kurung.
b. Miboga gagasan nu aktual jeung atawa kontrovérsial
Artikel kudu miboga gagasan nu aktual, kontrovérsial, atawa duanana. Gagasan nu aktual hartina sifatna anyar, can loba ditulis jeung diobrolkeun, hiji hal nu aya di luar batas atawa nu ilahar.
c. Gagasan nu diangkat dina tulisan kudu patali jeung kapentingan jalma réa
Artikel nu ditulis kudu méré mangpaat ka jalma réa luyu jeung kaayaan pasar média massa nu midangkeun éta artikel.
d. Ditulis kalayan référénsial ku visi nu inteléktual.
Artikel nyaéta hiji karya nonfiksi, hartina béda jeung novél atawa carpon nu mangrupa hiji prosés imajinasi kréatif nu nulis. Artikel mangrupa hiji prosés kréatif inteléktual. Minangka karya inteléktual artikel kudu dirojong ku bacaan, pangaweruh, jeung tiori nu relevan anu biasana aya dina kalawarta, majalah, jurnal, hasil- hasil panaluntikan, skripsi, buku, atawa internét.
e. Dipidangkeun dina basa nu hirup, populér, jeung komunikatif
Artikel kudu maké basa jurnalistik. Basa jurnalistik hartina basa nu ilahar dipaké dina pérs, kalawarta, majalah, bulétin, jeung tabloid. Basa jurnalistik ciri utamana nyaéta basajan, jéntré, singget, ngirut, babari ditarima, babari diinget, kaharti jeung dipikaharti ku jalma réa maksud jeung arahna (komunikatif).
f. Singget jeung tuntas
Singget sacara filosofis hartina sacara langsung, pikiran nu maca teu diulinkeun, nepi ka hésé nyurahanana. Singget sacara téknis hartina diluyukeun jeung kavling atawa rohangan nu disadiakeun anu unggal kalawarta rélatif béda.
Tuntas hartina henteu nyambung kana édisi nu satuluyna, artikel nu dipidangkeun dina kalawarta édisi ayeuna kudu bérés dina saharitaeun. Aya ogé anu dimuat sacara bersambung nepi dua atawa tilu édisi, tapi frékuénsi jeung préséntasena kawilang jarang.
g. Orisinal
Artikel anu ditulis asli mangrupa karya sorangan lain hasil plagiat atawa mindahkeun tulisan batur diaku karya sorangan. Pikeun nyingkahan éta hal nu nulis kudu ngawasa sakaligus ngamalkeun étika penulisan. Kadua artikel nu ditulis sarta dikirimkeun ka kalawarta atawa majalah kudu anu aslina lain meunang motokopi atawa salinanana.
Post a Comment