MATERI CARITA BABAD KELAS X BAHASA SUNDA
MATERI CARITA BABAD KELAS X BAHASA SUNDA
Istilah carita babad asal kecapna ti basa Jawa hartina muka lahan anyar atawa nuar tangkal. Dipatalikeun kana sajarah lantaran unggal sajarah hiji daérah salawasna dimimitian ku muka wilayah anyar. Satuluyna, babad dihartrikeun carita anu aya patalina jeung sajarah (Ricklefs, 2008)
Dina carita babad sok dipatalikeun jeung carita dongéng sabab kapanggih dina sababaraha carita babad aya unsur pamohalanna. Nurutkeun susunan basana carita babad kaasup kana wangun lancaran (prosa). Kajadian anu aya dina carita babad lamun diukur ku akal mah, aya nu kaharti ku akal aya ogé anu kaasup kana pamohalan. Carita babad biasana aya nu ditulis dina wangun wawacan, aya ogé anu ditulis dina wangun prosa. Nuliskeunnana ditulis dina aksara Sunda Kuno, Arab (pégon) jeung Sunda-Jawa (Cacarakan). Tapi ogé aya nu ditulis dina aksara Latén. Judul- judul anu geus kasohor di antarana: Babad Cikundul, Babad Bogor, Babad sukapura, Babad Sumedang, Babad Galuh, Babad Cirebon, Babad Godog, babad Banten jst.
Naskah sunda babad nu geus
kapaluruh teh jumlahna kawilang rea, nu ngawengku puluan judul saperti nu bisa
kateang dina katalog-kataloh naskah sunda nu geus medal. Sawatara naskah babad teh kiwari aya nu bisa
diteangan kalawan gampang, sawarehna deui bisa di teangan tapi teu gampang.
Numutkeun M.A Salmun (1963) babad
the sabangsa sajarah anu henteu teges historisna, henteu beunang dicekel deleg
dokumentasina, tampolana eusina sok dibauran ku saga (sage) legenda jeung mitos
atawa fabel.
Eusi babad the umumna mangrupa
carita nu aya patalina jeung hiji panempatan sarta dipercaya mingangka sajarah.
Babad rereana ditulis dina wangu wawacan, sababaraha contona nyaera Babad
Banten, Babad Cirebon, Babad Galuh, Babad Pajajaran jrrd.
Struktur Carita Babad
Babad teh kaasup karya sastra wangun
wawacan. Ari wawacan teh umumna nganogaan unsur struktur nu maneuh, nyaeta
manggalasastra (alofon), eusi jeung panutup atawa klofon.
Manggala Sastra
Eusina sanduk-sanduk atawa menta
widi ka Nu maha kawasa jeung karuhun, sastra menta panghampura kana kahengkeran
nu nulis atawa nu nyusun eta wawacan. Pernahna
manggalasastra teh biasana di bagian hareup atawa awal, samemeh ngamimitian
carita.
Eusi
Nyaeta poko carita tina babad. Dina
ieu bagian dicaritakeun lalakon babad ti mimiti kajadian, lalampahan tokoh,
jeung konflik.
Klofon
Pernahna dina ahir carita
minangka panutup atawa pamungkas carita. Eusina titimangsa ditulis atawa
disalina eta babad dina wangun pupuh. Dina ieu bagian nu nulisna menta
panghampura kana sagala rupa kakuranganana, lantaran nu nulis ngarumasakeun kahengkeran
dirina dina nulis eta babad atawa wawacan.
Unsur-unsur Carita Babad
1. Jejer (Tema)
Jejer nyaeta ide pokok carita, maksudna carita babad teh secara kaseluruhan ngandung ide pikiran naon, boh eta tentang, kahirupan, penjajahan, kamerdekaan, karajaan, jeung sajabana.
2. Amanat (Pesan)
Pesen anu ditepikeun ku pangarang ka nu maca. Amanat téh aya nu nyamuni di satukangeun carita, aya nu dibejakeun langsung.
3. Palaku (Tokoh)
Tokoh carita anu nyaritakeun
ngaran-ngaran tokoh boh jeleman boh sasatoan anu ngalalakon dina carita. Loba
palaku gumantung dina carita jeung kabutuh dina caritanan ogé.
4. Galur (Alur)
Galur atawa sok disebut plot,
nyaéta runtuyan kajadian anu ngawangun hiji carita. Umumna galur diwangun ku
bubuka (manggalasastra), muncul masalah (konfliks), masalah muncer (klimaks), ngaréngsékeun
masalah (antiklimaks), jeung pungkasan carita (denouement)
5. Latar
Latar biasana nyoko kana waktu
jeung lumangsungna carita. Aya dua rupa latar, nyaéta latar waktu jeung latar
tempat.
6. Puseur Sawangan (Sudut Pandang)
Nyoko kana cara pangarang
nuliskeun lalakon dina caritana. Aya puseur sawangan jalma katilu “manéhna” aya
puseur sawangan jalma kahiji “kuring”.
Carita Babad Bandung
Baheula seueur sepuh nu ngawitan kagungana ngadamel ngabukbak leuweung, keur pikotaeun diantarana nya éta R. Indradiredja nu nganggo gelar R. Adipati Wiranatakusumah, Dalem Bandung anu ngasta Kabupaten Bandung ti taun 1794 nepi ka taun 1829. (Teraskeun Baca)
Baca Oge: MATERI BASA SUNDA | WAWACAN PALAKU JEUNG KARAKTER ATAWA TOKOH
Post a Comment