Materi Tambahan
Kumaha carana urang ngahasilkeun tulisan anu hadé? Aya sawatara tips sangkan urang bisa nulis kalayan hadé, di antarana:
(1) pilih téma tulisan anu pangdeukeutna jeung kahirupan urang sangkan dina waktuna nulis urang henteu béakeun bahan tulisan.
(2) tangtukeun gagasan utamana, sacara teu langsung, jumlah gagasan utama anu ditulis milu nangtukeun panjangna karangan. Upamana baé gagasan utama anu ditulis téh aya opat, bisa dihartikeun panjang karangan téh bakal jadi opat paragraf. Tapi henteu salilana saperti kitu, panjang pondokna tulisan ditangtukeun ku loba jeung saeutikna pasualan anu rék ditepikeun,
(3) mekarkeun jadi paragraf anu sampurna.
Sanggeus hidep mikaweruh gagasan utama jeung rangkay karangan, pék ayeuna nyobaan nulis hiji artikel. Hidep bisa milih téma-téma anu dipikaresep tur dikawasa ku hidep sangkan tulisan anu dihasilkeun boga kualitas anu maksimal. Kadé poho sistematikana, aya bubuka, pedaran jeung kacindekan. Perhatikeun ogé kasaluyuan téma jeung eusi tulisan, éjahanana jeung karapihan tulisan.
Latihan Ulikan Kabasaan
Ngalarapkeun Kecap Rajekan
Dina artikel ”Dihin Pinasti Anyar Pinanggih” di luhur aya kalimah:
Nini-nini rawah-riwih néangan incu kakasih.
Kecap rawah-riwih dina kalimah di luhur téh kaasup kana kecap rajékan dwiréka.
Kecap rajékan nyaéta kecap anu wangunna disebut dua kali atawa leuwih, boh sabagian atawa sagemblengna. Kecap rajékan aya sababaraha macem, nyaéta:
1. Rajékan dwipurwa
Rajékan dwipurwa nyaéta kecap anu dirajékna engang mimiti. Contona:
Sapu : sasapu
Sentak : sesentak
Dupak : dudupak
Tanya : tatanya
Letak : leletak
Conto kalimah:
Udin sasapudi pakarangan.
Ti isuk-isuk ema sesentak waé.
Ulah dudupakmun leumpang téh!
Mun nyasab mah tatanya wé.
Kahade gogog éta mah sok leletak.
2. Rajékan dwimadya
Rajékan dwimadya nyaéta kecap anu dirajékna engang di tengah. Contona:
Sabaraha : sababaraha
Sapeuting : sapeupeuting
Sapoé : sapopoé
Salembur : salelembur
Sajalan : sajajalan
Conto kalimah:
Geus sababarahapoé mang Ujang teu balik ka imah.
Kuring teu mampu saré sapeupeuting.
Indit ka sakola téh geus jadi pagawéan sapopoé.
Kalakuan Icih mah matak guyur salelembur.
Sajajalan tetempoan téh éndah.
3. Rajékan dwilingga
Rajékan dwilingga nyaéta kecap anu dirajékna sakabéhna. Rajékan dwilingga aya dua (2) macem, nyaéta:
a. Dwimurni
Dwimurni nyaéta kecap anu dirajékna sagemblengna bari teu dirobah sorana. Contona:
Budak : budak-budak
Leutik : leutik-leutik
Guru : guru-guru
Buku : buku-buku
Kaca: kaca-kaca
Contoh kalimah:
Budak-budak gé geus pohoan.
Leutik-leutik ulah sok iinditan peuting.
Guru-guru keur rapat.
Pang mawakeun buku-buku nu aya dina lomari!
Mang Iwa keur nyieun kaca-kaca.
b. Dwiréka
Dwiréka nyaéta kecap anu dirajékna sagemblengna bari robah sorana. Contona:
Balik : bolak-balik
Lieuk : luak-lieuk
Ilik : ulak-ilik
Tulang : tulang-taléng
Tulis : tulas-tulis
Conto kalimah:
Titatadi Eman katempo bolak-balik waé.
Saacan meuntas téh kudu luak-lieuk heula bisi loba mobil.
Indit ka kota téh kur érék ulak-ilik hungkul.
Rajen méré kur tulang-taléng.
Ulah sok tulas-tulis dina tembok.
Tulis Materi dina buku catetan hidep.
Lili Dhea Lestari kls XII IPS 1
ReplyDeleteRafly Muhamad Ramadhan XII IPS2
ReplyDeleteRiska mustika- Dewi Nila- XII ipa
ReplyDeleteKelompok dewicitrawati: Safitri handayani,siti nurjanah, Rahmi nurfaujiyah, Rini wahyuni,tira anggraeni
ReplyDelete