Header Ads

MANDU ACARA | MATERI BASA SUNDA KELAS XII

MANDU ACARA | MATERI BASA SUNDA KELAS XII



mc


A. PEDARAN MC (PAMANGGUL ACARA)

Dina kagiatan atawa peristiwa anu resmi boh nu sipatna sosial-akademis (acara diskusi, seminar, kongrés, konperensi, jsté), boh sosial-praktis (kagiatan sosial budaya saperti: seserahan, nanyaan, paturay tineung, jsté) biasana sok aya nu dibéré pancen ngatur acara, anu ilahar disebut panata acara (MC). MC (Master of Ceremony) nyaéta jalma nu dipercaya pikeun ngatur jeung nyusun runtuyan acara, nangtukeun sarta ngahaturanan saha-sahana nu kudu cacarita dina éta acara. Lantaran teu galib, pangpangna teu parok nurutkeun budaya lamun nu boga pamaksudan, torojogan  ujug- ujug cacarita atawa biantara bari ngagorah nepikeun maksud jeung tujuanana. Meureun asup kana paribasa ngeupeul ngahuapan manéh téa. Cindekna  pancen  MC téh sangkan dina prakprakan acara/upacara bérés roes, henteu acak-acakan, malar puguh susunanana, puguh éntép seureuhna.

Ari nu dimaksud master di dieu mah bisa disebutkeun minangka pribumi (host), ogé salaku nahkoda dina acara. Pangna disebut nahkoda téh lantaran mérénah pisan MC téh lamun basa urangna mah disebut anu ‘nyekel erol’ (pamanggul acara). Malah saéstuna pancén MC mah kawilang samakta jeung leuwih beurat lantaran sasatna nangkes sapuratina demi kalancaran jeung suksésna acara téa. Dina prakna, ti mimiti persiapan, pelaksanaan nepi ka pungkasan acara, acara téh kudu geus “kakeupeul” ku MC. Atuh waktu mancénna, sasatna salawasna kudu jogo atawa tugur nepi ka pungkasan acara. Nya  teu anéh mun MC mah datang pangheulana, ari balik sok pangpandeurina. Sabab sakumaha nu disabit di luhur, yén pancén MC mah nya salaku pribumi nya salaku nahoda. Cindekna, suksés atawa lancarna hiji acara biasana geus kudu aya dina keupeulan leungeun MC.

Lancarna hiji acara, upamana dina seminar atawa kongrés, saméméh prung, MC nu hadé mah kudu geus tapis mérénahkeun lebah mana cicingna pengeras suara, pangpangna beulah mana MC kudu nyarita. Kitu deui nu rék pidato saperti pupuhu panitia, para pejabat, jsté. lebah mana kudu nangtungna sangkan katingali atra ku balaréa. Atuh palebah mérénahkeun pangjejer, moderator jeung notulen tempat diukna éta ogé kudu geus jadi kaweruh MC deuih.

MC ogé tangtu kudu apal kumaha péréléan jeung runtuyan acara sapuratina. Lebah mana kudu apal kana péréléan acarana? Pangpangna dina acara ngabagéakeun tatamu (pangbagéa). Dina rapat kapanitiaan (nu puguh saha-saha baé nu mancénna) éta masalah téh biasana geus kudu karéngsékeun.
Lancar henteuna hiji acara bakal kacida gumantungna kana kaparigelan jeung kamampuhna laku MC. Bisa baé acara nu geus ditangtukeun runtuyanana téh robah. MC minangka nu ngatur lalu lintas acara téa, tangtu ulah kaku atawa tagiwur. Lamun aya kajadian samodél   di luhur, MC diusahakeun wé kudu luwes (fléksibel) utamana bisa ngarugal-rigel acara anu geus matok  téa.  éta improvisasi téh tangtu baé sabada dipatotoskeun tur aya kasaluyuan ti pupuhu panitia.

1. HARTI MASTER OF CEREMONY / PEMBAWA ACARA

MC minangka kecap wancahan tina (Master of Ceremony), nu hartina jalma nu dibéré pancén minangka “pamanggul acara”, nu ngadalikeun acara, nu ngatur acara atawa pamingpin acara. Kalungguhan MC teu bina ti pribumi (host) hiji acara atawa hiji kagiatan/ pintonan. Pancén MC ngumumkeun susunan acara jeung ngawanohkeun saha-saha waé nu rek midang ngeusi éta acara sarta nu nangkes sarta nu mastikeun yén éta acara baris lumangsung kalawan lancer jeung sukses luyu jeung waktu nu geus ditangtukeun.

Master of Ceremony minangka salahsahiji kamampuh komunikasi publik (public communication). Jadi saurang MC (Master of Ceremony) atawa pamanggul acara mangrupa salasahiji kaparigelan nu kudu dipibanda ku saurang protokoler. Lian ti éta, saurang MC ogé kudu wanoh kana tata tempat, tata upacara, jeung tata penghormatan.

Nurutkeun Habib Bari, pancén MC téh mingpin jeung nu dibéré tanggung jawab hiji runtuyan acara sangkan dina prakprakan acara/upacara téh lumangsung kalawan bérés roes, henteu acak-acakan, malar puguh susunanana, puguh éntép seureuhna.

MC henteu ngan ukur nyaho kana runtuyan acarana baé, tapi salaku pamanggul acara ogé kudu ngawasa hal- hal nu sipatna protokoler saperti kasangtukang ku naon hiji acara disusun dumasar heula pandeurina, tapis ngatur waktu, akurat informasina, wanoh jeung apal ka ngaran, pangkat sarta jabatan tokoh kalayan bener. Istilah séjén tina MC nyaéta nu mawakeun acara minangka tarjamahan tina kecap presenter.

MC teu sarua jeung protokoler/protocol. Demi MC téh mangrupa bagian tina aktipitas protokoler. MC nyaéta nu mawakeun acara kalawan pancénna pikeun ngadalikeun jalanna acara. Sedengkeun protokol mah nyaéta tata cara dina acara resmi saperti acara kenegaraan nu ngalibetkeun pejabat Negara sarta gemblengan pengaturan kagiatan ti awal nepi ka pungkasan acara.

2. Pancén Master of Ceremony/Pamanggul Acara:

  • Nyusun acara nu hade bari koordinasi jeung pihak panitia
  • Muka jeung nutup acara
  • Ngajamin yén acara lumangsung kalawan lancar jeung sukses;
  • Mingpin jeung ngatur jalanna acara;
  • Ngawanohkeun panyatur/nu ngeusi acara;
  • Ngecék kasiapan acara jeung hadirna jalma-jalma petingan.

3. Teknik/Kamampuh nu kudu aya di diri MC (Master of Ceremony)

a. Teknik Nyarita

Minangka komunikator, saurang pamanggul acara (MC) kudu ngawasa hiji kamampuh naon-naon nu diucapkeunan matak ngirut ati jeung dipikaharti ku balarea. éta kamampuh téh nu sok disebut teknik nyarita.
Aya 5 hal nu kudu diperhatikeun ku MC dina keur cacarita:
  • Phrasing (randegan kalimah);
  • Intonasi (lentong kalimah, luhur handap, tarik halonna sora);
  • Stressing (neueulkeun dina kekecapan nu tangtu)
  • Reading speed (guluyur jeung gancang kendorna maca);
  • Pause (ngarandeg)

Ku merhatikeun phrasing (randegan dina kalimah) urang bisa ngatur lebah mana urang kudu ngarandeg sangkan bisa ngahontal harti nu  saestu, nepi ka  nu ngadengkeun ngarti naon nu diomongkeun/ dicaritakeun ku MC. éta randegan téh tangtu baé raket patalina jeung lentong kalimah, luhur handap jeung tarik halonna sora tur ngajanggelek jadi  gaya nyarita nu wajar. Ari stressing mah umumna neueul kana volume sora nu digunakeun pikeun nandeskeun hiji hal sangkan leuwih beda. Reading speed, nyaéta lebah MC macakeun hiji teks nu kudu diluyukeun jeung situasi rohangan, sangakn naon nu dibacana bisa didenge ku balarea kalawan jentre, pangpangna pikeun nyingkahan kacaletot létah. Para ahli komunikasi netepkeun aturan baku keur gancangna maca antara 110/120 kecap per menit. MC ogé perlu ngalaksanakeun pause atawa ngarandeg pangpangna pikeun ngontrol kalimah saterusna, jeung méré kasempétan ka balarea naha ngarti atawa paham kana naon nu geus diucapkeunana.


Kaweruh jeung luang hiji pamanggu acara (MC) kana kaayaan/situasi forumna baris mantuan pikeun nyaluyukeun dirina boh dina hal penampilan (performance) dirina, body language, boh basa nu digunakeunana. Salian ti éta, kaweruh kana kaayaan forum téh bakal ngurangan rasa minder (under confidence).

b. Teknik Vocal

MC nu hade diperdih ngawasa teknik vocal nu ngawengku:
  • Intonasi (intonation): gunakeun lentong atawa nada sora, irama nyarita atawa alunan nada dina ngucapkeun kalimah;
  • Aksentuasi (accentuation) atawa logat. Ngagunakeun stressing dina kalimah anu tangtu nu dianggap penting, bari nyingkahan logat kadaerahan lamun keur nyarita make basa Indonesia atawa basa asing;
  • Gancang kendorna (speed) nyarita.
  • Artikulasi (articulation) nyaéta jelas henteuna ngucapkeun kalimah atawa kekecapan;
  • Infleksi. Lagu kalimah, parobahan nada sora,
  • bari nyingkahan ucapan nu sarua (redundancy).

c. Teknik Performa jeung Gesture

  • Ngalakukeun eye contact : museurkeun paningal ka audience jeung ka sakuriling rohangan, pencrong/teuteup mata audience;
  • Ngalakukeun gerakan leungeun/isarah/sikep nu alami, spontan (teu dijieun-jieun), teu ragu-ragu, luyu jeung kalimah nu diucapkeun, lakukeun stressing dina point penting;
  • Gerakan awak ngawngku pasemon, gerakan leungeun, suku, leungeun, taktak, baham atawa biwir, sirah, awak;
  • Ulah ngalampahkeun gerakan anu monoton saperti ngaramesan ramo leungeun.
  • Ulah ngalampahkeun gerakan anu teu ngarojong naon anu jadi jejer caritaan upaman ngarampaan kerah baju, gegetret, ngomekeun microphone, jsté;
  • Ucapkeunn unggal kalimah bari imut, nepi ka sora nu dihasilkeun minangka smillng voice;
  • Dipahing nyieun joke (bojegan) tapi nungabojegna seuseurian sorangan;
  • Lamun ngasongkeun joke béré hancengan keur méré masempetan ka audience pikeun seuri.

d. Tatahar nu bisa dilakukeun waktu jadi Pamanggul Acara

  • Rileks, pastikeun yén kondisi awak jeung sora aya dina kaayaan fit. Lamun ngarasa geumpeur tarik napas sing panjang jeung sing jero, ngagerakeun awak keur sakadar ngaleuleuskeun otot nu kaku;
  • Know The Room (ngawasa rohangan tempat nu baris menjadi Pembawa Acara);
  • Know The Audience (apal kana karakteristik tamu jeung teuteup maranehna salaku sobat);
  • Know The Material (ngawasa bahan/materi acara);
  • Baca literatur nu diperlukeun pikeun ngarojong pangaweruh urang, sabab mingkin loba hal nu dipikanyaho ngeunaan acara nu disanghareupan, tangtu bakal nimbulkeun rasa percaya diri;
  • Susun pointer pikeun ngingetan naon nu bakal diucapkeun;
  • Ulah mindeng teuing sanduk-sanduk menta maap ka audience;
  • Ulah ninggalkeun daftar acara atawa rundown acara (najan geus aya stage manager);
  • Gunakeun pakéan anu luyu jeung acara, ulah nepi ka salah kostum. (Usahakeun MC mah kudu rada beda tampilanana ti batan nu sejen, carana bisa ngagunakeun asesoris atawa pernak-pernik lamun kudu sarua (seragam) jeung panitia atawa tatamu.
  • Gunakeun Make Up (najan lalaki gunakeun riasan wajah ngarah teu katingali hérang atawa teu cahayaan);
  • Lakukeun gerakan leungeun sahinasna waku geus aya di luhureun pentas. Ngan ulah kaleuleuwihi baé komo keur nutupan rasa gugup mah, lantaran gerakan awak nu kaleuleuwihi baris ngacowkeun kana penampilan;
  • Kudu ngajaga baham & tikoro nu salawasna kudu baseuh, ku kituna siapkeun cai hérang lamun dibutuhkeun;
  • Ulah barangdahar & nginum nu baris ngaganggu kana organ tubuh;
  • Kudu tampil Percaya Diri jeung Be Your self.

Dumasar kana dadaran di luhur, bisa dicindekkeun yén pancén MC téh kudu ngawasa teknik nyarita, tenik vokal jeung teknik performa, nepi ka bisa nyambungkeun komunikasi dua arah antara MC jeung audience, bisa narik perhatian audience  sarta maksud jeung tujuan naon anu dicaritakeun/ ditepikeun bisa kaharti.

Kualifikasi jeung pasaratan nu kudu dipibanda ku MC/Pemandu Acara, nurutkeun Habib Bari nyaéta:
  • Ngabogaan Intelegensi nu luhur;
  • Boga tangtungan nu atraktif jeung simpatik (darehdeh jeung narik ati);
  • Ngabogaan jiwa pamingpin;
  • Komunikatif dina nyarita;
  • Sabar jeung rancage;
  • Miboga naluri antisipasi nu hade;
  • Ngabogaan  rasa humor nu luhur;
  • Kaweruh jeung luang anu jembar;

4. Sababaraha Hal anu Kudu Jadi Perhatian Nalika Jadi MC

  • Nyayagikeun naskah runtuyan acara minimal sapoe saacan acara;
  • Ngecek kasiapan alat, saperti Microphon;
  • Percaya diri;
  • Perhatikeun situasi ruangan/gedong pikeun nyaluyukeun jeung volume sora, sangkan teu tarik teuing atawa halon teuing;
  • Merhatikeun vokal jeung efek komunikasi nu jelas;
  • Kontak mata jeung audience;
  • Ngayakeun koordinasi jeung pihak panitia.

Pek baca ku hidep: Materi Teks MC Bahasa Sunda


Catetan:
Kangge Absen, hidep baca heula materi diluhur, teras tulis nami, nami kelompok sareng kelas hidep dina kolom komentar.

conto: Deka - Dewi Nila - XII IPA 
Klik Publish.

absen


62 comments:

  1. Mas Dewi Septiani _ X11 ips 1

    ReplyDelete
  2. Nama;Ratih Nadia
    Kelas; XII IPS¹
    Hadir

    ReplyDelete
  3. Rahmi - Dewi citrawati - XII IPA

    ReplyDelete
  4. Nazwa Khoerunnisa - Citrasena - Xll ips1

    ReplyDelete
  5. Siti robiah - DEWI - XII IPS 1

    ReplyDelete
  6. Rafly Muhamad Ramdhan - XII IPS2

    ReplyDelete
  7. Nazwa Khoerunnisa - Citrasena - Xll Ips1

    ReplyDelete
  8. Humaisyah Mardiah-Dewi Nila-XII Ipa

    ReplyDelete
  9. Salma Novia Zemica - XII IPA

    ReplyDelete
  10. Septi _ citadarma _ XII ips 2

    ReplyDelete
  11. Teguh komara dewa - Dewi Sri - XII IPS²

    ReplyDelete
  12. Fajri laela homsah - srikandi - XII IPA

    ReplyDelete
  13. Kelompok dewi sartika: Safitri handayani-Rahmi nurfaujiah-siti nurjanah-rini wahyuni-tira anggraeni
    Kelas : XII ipa

    ReplyDelete
  14. Kelompok dewi sartika: Safitri handayani-Rahmi nurfaujiah-siti nurjanah-rini wahyuni-tira anggraeni
    Kelas : XII ipa

    ReplyDelete
  15. Nama:Riki Sopian
    Kelas:XII IPS 2
    Nama kelompok 13(Dewi Sri)

    ReplyDelete
  16. Fahmi permana nuralim - ABIMANYU XII IPS 2

    ReplyDelete
  17. Fahmi permana nuralim - ABIMANYU XII IPS 2

    ReplyDelete
  18. Nadila - citra sena - XII IPS 1

    ReplyDelete
  19. Siti Robiah Lutfiah - Antasena - XII IPS 2

    ReplyDelete
  20. Siti mulyani-antasena-XII ips 2

    ReplyDelete
  21. N bungah arjawulan Kelas xll ipa

    ReplyDelete
  22. Deka Maesaroh - Dewi Nila - XII IPA

    ReplyDelete
  23. NUR ASTRIA-Citrasena-XII IPS 1

    ReplyDelete
  24. Nur astria-citra sena- XII Ips 1

    ReplyDelete
  25. Sintia listiawati-srikandi-Xll IPA

    ReplyDelete
  26. Siti Aulia rahmadani,arimbi,XII IPA

    ReplyDelete
  27. Siti Aulia rahmadani,Arimbi,XII IPA

    ReplyDelete
  28. Tira anggraeni-dewi citrawati-XII IPA

    ReplyDelete
  29. Nenti Rahmawati - Dewi Nila-XII IPA

    ReplyDelete
  30. Astrid Dwi Lestari - Citra Darma - XII IPS 2

    ReplyDelete
  31. Windi Widiawati-Citrasena-XII IPS¹

    ReplyDelete