Header Ads

Tarjamahan | Materi Basa Sunda Kelas XII

 Tarjamahan 

Tarjamahan


Tarjamahan téh nyaéta karya hasil narjamahkeun  tina basa séjén. Istilah séjén sok aya nu nyebut alih basa. Prosés narjamahkeun, boh karya ilmiah boh karya (sastra) biasana diusahakeun sangkan papak pisan jeung aslina. Pangpangna dina karya sastra, kagiatan narjamahkeun téh lian ti mertahankeun segi-segi séjénna, anu pangutamana téh dina segi basana (gaya basa, pilihan kecap, ungkara, jsté.) jeung kualitas senina. Ajip Rosidi (kurang leuwih taun 80-an) kungsi midangkeun artikel nu nétélakeun yén tarjamahan téh kudu "geulis" jeung "satia". Geulis maksudna kaéndahanana kudu bisa kapindahkeun, ari satia maksudna ulah méngpar tina rakitan wacana sumber.

Dina périodeu saméméh Perang Dunya II anu réa digarap ku pangarang Sunda téh saduran, lain tarjamahan. Dina saduran mah lain waé "alih basa"-na bébas, tapi karya deungeun téh dipapantes, disusurup jeung kaayaan di urang. Istilah séjén anu sok mindeng digunakeun harita nyaéta salinan atawa nyalin. Dina mangsa saméméhna, nyaéta dina periodeu naskah (manuscript), anu disebut nyalin téh bisa jadi narjamahkeun (bébas), transliterasi atawa transkripsi atawa bener-bener nulad (aksarana, basana teu diganti).

Pikeun pangaweruh awal hidep ngeunaan kagiatan narjamahkeun, pék ilo sing nepi kacangkem eusina cutatan tina buku Jatiwangi Sunda Indonesia yasana Ajip Rosidi (waktu Biantara Panampian Hadiah Proféssor Teew 2004) Jakarta, 1 Desember 2004, dina edisi basa Indonésia jeung edisi basa Sunda.


Maca Teks Tarjamahan

SAYA   dilahirkan  di  rumah  peninggalan  nenek  moyang ibu, yang terletak di samping balai desa Cibolérang, Jatiwangi, tapi sewaktu umur saya baru beberapa belas bulan saya dibawa pindah ke rumah kakek di kampung Pasuketan, sebab kakek membeli rumah di sana. Selanjutnya saya tinggal di sana hingga lulus Sekolah Rakyat.

Hal saya dibawa pindah ke Pasuketan penting diceritakan, sebab kalau  saja saya terus tinggal di rumah peninggalan nenek moyang ibu yang terletak di samping balaidesa, tentu kisah hidup saya akan berbeda.

Desa Cibolérang adalah salah satu di antara tiga desa yang membentuk kota kewedanaan (kini kecamatan) Jatiwangi. Dua desa lainnya adalah desa Sutawangi dan Cicadas. Sutawangi di tengah-tengah, Cicadas di sebelah barat, sedang Ciborélang di sebelah timur. Kota Jatiwangi yang secara administratif termasuk ke dalam wilayah kabupaten Majalengka, secara kultural terletak di daerah tapal batas kultur Sunda dan (Jawa) Cirebon. Waktu itu, ada dua bahasa sehari-hari yang digunakan oleh orang Jatiwangi, yakni bahasa Sunda dan bahasa (Jawa) Cirebon, tergantung dari lingkungan sosial dan pekerjaan masing-masing.

Di sekitar balai desa Cibolérang yang terletak di sebelah selatan jalan raya Cirebon-Bandung di seberang pasar -disebut "Pasar Baru" karena pasar lama terletak di depan balai desa Sutawangi- penduduk sehari-hari menggunakan bahasa Cirebon. Orang Kaum (masjid terletak tepat di sebelah barat-laut desa, karena sepelataran) berbicara dalam bahasa Cirebon. Demikian pula orang pasar berbicara dalam bahasa Cirebon, meskipun penduduk yang tinggal di sebelah utara, timur dan barat pasar -jadi, yang terletak di sebelah utara jalan raya Bandung-Cirebon- kebanyakan menggunakan bahasa Sunda. Jadi, kalau saja saya tetap tinggal di rumah peninggalan nenek moyang ibu yang disebut Blok Salasa, tentu saya pun sehari-hari menggunakan bahasa Cirebon...

Hasil Tarjamahan

éta wacana nu diilo ku hidep téh mangrupa tulisan asli dina bahasa Indonesia. Hasil tarjamahna kana basa Sunda kapidangkeun ieu di handap. Ayeuna pék ku hidep lenyepan jeung titénan éta terjemahan téh, naha geus bener/sampurna atawa aya nu kurang?

KURING dilahirkeun di imah titinggal karuhun ti indung, nu perenahna gigireun balédésa Ciborélang, Jatiwangi, tapi waktu umur kuring kakara sawatara welas bulan kuring dibawa pindah ka bumi Aki di Kampung Pasuketan, da Aki ngagaleuh bumi di dinya. Saterusna kuring matuh di dinya nepi ka anggeus Sakola Rayat.

Perkara dibawa pindah ka Pasuketan téh penting dicaritakeun, sabab lamun kuring terus matuh di imah titinggal karuhun ti indung nu ayana di gigireun balédésa téa, tanwandé lalakon hirup kuring baris béda.

Désa Ciborélang téh salah sahiji ti tilu désa nu ngawangun kota Kawadanan (ayeuna mah kacamatan) Jatiwangi. Nu dua  deui  nyaéta désa Sutawangi jeung Cicadas. Sutawangi di tengah, Cicadas beulah kuloneunana, Ciborélang wétaneunana. Kota Jatiwangi anu sacara administrasi kaasup ka  Kabupatén Majalengka téh, sacara kultural aya  di daérah tapel wates kultur Sunda jeung (Jawa) Cirebon. Harita, basa sapopoé anu digunakeun ku urang Jatiwangi, aya dua, nyaéta basa Sunda jeung basa (Jawa) Cirebon, gumantung ka lingkungan sosial jeung pagawean masing-masing.

Di sabudereun balédésa Ciborélang anu perenahna kiduleun jalan raya Cirebon-Bandung di peuntaseun pasar -disebut  "Pasar  Baru"  da  anu heubeul mah ayana di hareupeun balédésa Sutawangi- jalma téh sapopoéna ngagunakeun basa Cirebon. Urang Kaum (masjid perenahna kulon-kaléreun balédésa pisan, da sapalataran) nyaritana ngagunakeun basa Cirebon. Kitu deui urang pasar nyararitana maké basa Cirebon, sanajan ari anu caricing di kaléreun, wétaneun  jeung  kuloneun  pasar mah -jadi nu aya di sakaléreun jalan raya Bandung-Cirebon -réréana ngagunakeun basa Sunda baé. Jadi, lamun kuring terus cicing di imah tuturunan ti karuhun indung nu disebut Blok Salasa, tanwandé kuring gé sapopoé téh ngagunakeun basa Cirebon...

Materi Salajengna: Medar Perkara Tarjamahan



2 comments: