Pedaran Materi Panata Acara Jeung Panumbu Catur Materi Bahasa Sunda SMA Kelas 12
Pedaran Materi Panata Acara Jeung Panumbu Catur Materi Bahasa Sunda SMA Kelas 12
Dina kagiatan atawa peristiwa anu resmi boh nu sipatna sosial- akademis (acara diskusi, seminar, kongrés, konperensi), boh sosial-praktis (kagiatan sosial budaya saperti: seserahan, nanyaan, paturay tineung, jsté) biasana sok aya nu dibéré pancen ngatur acara, anu ilahar disebut panata acara (MC). MC (Master of Ceremony) nyaéta jalma nu dipercaya pikeun ngatur jeung nyusun runtuyan acara, nangtukeun sarta ngahaturanan saha-sahana nu kudu cacarita dina éta acara.
Lantaran teu galib, pangpangna teu parok nurutkeun budaya lamun nu boga pamaksudan, torojogan ujug-ujug cacarita atawa biantara bari ngagorah nepikeun maksud jeung tujuanana. Meureun asup kana paribasa ngeupeul ngahuapan manéh téa.Cindekna pancen MC téh sangkan dina prakprakan acara/upacara bérés roes, henteu acak-acakan, malar puguh susunanana, puguh éntép seureuhna.
Ari nu dimaksud master di dieu mah bisa disebutkeun minangka pribumi (host), ogé salaku nahkoda dina acara. Pangna disebut nahkoda téh lantaran mérénah pisan MC téh lamun basa urangna mah disebut anu ‘nyekel erol’ (pamanggul acara). Malah saéstuna pancén MC mah kawilang samakta jeung leuwih beurat lantaran sasatna nangkes sapuratina demi kalancaran jeung suksésna acara téa.
Dina prakna, ti mimiti persiapan, pelaksanaan nepi ka pungkasan acara, acara téh kudu geus “kakeupeul” ku MC. Atuh waktu mancénna, sasatna salawasna kudu jogo atawa tugur nepi ka pungkasan acara. Nya teu anéh mun MC mah datang pangheulana, ari balik sok pangpandeurina. Sabab sakumaha nu disabit di luhur, yén pancén MC mah nya salaku pribumi nya salaku nahoda. Cindekna, suksés atawa lancarna hiji acara biasana geus kudu aya dina keupeulan leungeun MC.
Lancarna hiji acara, upamana dina seminar atawa kongrés, saméméh prung, MC nu hadé mah kudu geus tapis mérénahkeun lebah mana cicingna pengeras suara, pangpangna beulah mana MC kudu nyarita. Kitu deui nu rék pidato saperti pupuhu panitia, para pejabat, jsté. lebah mana kudu nangtungna sangkan katingali atra ku balaréa. Atuh palebah mérénahkeun pangjejer, moderator jeung notulen tempat diukna éta ogé kudu geus jadi kaweruh MC deuih.
MC ogé tangtu kudu apal kumaha péréléan jeung runtuyan acara sapuratina. Lebah mana kudu apal kana péréléan acarana? Pangpangna dina acara ngabagéakeun tatamu (pangbagéa). Dina rapat kapanitiaan (nu puguh saha-saha baé nu mancénna) éta masalah téh biasana geus kudu karéngsékeun.
Lancar henteuna hiji acara bakal kacida gumantungna kana kaparigelan jeung kamampuhna laku MC. Bisa baé acara nu geus ditangtukeun runtuyanana téh robah. MC minangka nu ngatur lalu lintas acara téa, tangtu ulah kaku atawa tagiwur. Lamun aya kajadian samodél di luhur, MC diusahakeun wé kudu luwes (fléksibel) utamana bisa ngarugal-rigel acara anu geus matok téa. éta improvisasi téh tangtu baé sabada dipatotoskeun tur aya kasaluyuan ti pupuhu panitia.
Post a Comment