Medar Pintonan Drama Materi Bahasa Sunda Kelas 12 SMA
Medar Pintonan Drama Materi Bahasa Sunda Kelas 12 SMA
Saenyana di urang téh geus lila aya pintonan drama. Drama anu dipintonkeun babakuna mah nu ku para ahli sok disebut téater tradisional. Upamana baé banjet, longsér, ubrug, jeung sajabana. Ka dieunakeun aya nu disebut sandiwara atawa tunil. Mekarna sandiwara saentragan jeung komédi stambul dina basa Malayu atawa ketoprak dina basa Jawa. Sandiwara téh saéstuna pangaruh ti Barat anu muncul di urang dina awal abad ka-20.
Wangun téater tradisional anu ditataan di luhur téh sok disebut ogé téater rakyat anu di antara ciri pagelaranana téh tanpa naskah. Jadi, éstuning ngandelkeun improvisasi pamaénna baé dumasar kana pituduh ti sutradara. Malah dipintonkeunana ogé sakapeung tara dina panggung, tapi cukup di lapangan terbuka bari dicaangan ku obor atawa cempor.
Kadieunakeun muncul deui anu disebut gending karesmén, nyaéta sandiwara anu dialogna (pagunemanana) ditembangkeun. Mun sandiwara
mah tara maké naskah, gending karesmén mah aya naskahna. Lamun maké naskah téh kaharti, da tembang dina gending karesmén mah apan teu bisa didadak (improvisasi), béda jeung sandiwara nu dialog-dialogna atawa paripolah pamaénna beunang ku didadak. Ieu ogé pangaruh ti luar, nyaéta pangaruh opera anu jolna ti éropa. Tapi, dina gending karesmén mah lalaguanana téh dicokot tina tembang Sunda.
Loba pisan naskah-naskah gending karesmén anu kungsi ditulis jeung dipgalerakeun. Malah sawaréh mah pintonanana téh sohor pisan. Upamana baé gending karesmen “Sangkuriang” beunang R.T.A. Sunarya, “Galunggung Ngadeg Tumenggung” beunang Wahyu Wibisana, jeung “Si Kabayan” beunang Wahyu Wibisana jeung Koko Koswara.
Dina kamekaran saterusna lahir nu sok disebut drama modérn. Wangunanana lancaran, teu maké tembang siga dina gending karesmén. Ieu gé maké naskah, malah pintonanana gé diatur pisan numutkeun aturan seni panggung. Maké dékor keur séting panggung, maké tata lampu (éfék cahaya), musik, atawa gerak tari. Malah kadieunakeun deui, sajalan jeung kamekaran téknologi nu beuki canggih, pagelaran drama téh dipapaés ku unsur-unsur multimédia. Upamana dicampur ku gambar tina vidio, ngagunakeun musik digital, atawa nyiptakeun éfék gerak mékanik.
Di antara drama Sunda modérn anu kungsi dipanggungkeun téh nyaéta “Dakwaan” jeung “Bubat” beunang RAF; “Dua Utusan” jeung “Tonggérét Banén” beunang Wahyu Wibisana; “Masyitoh” beunang Ajip Rosidi; “Cahaya Maratan Waja” jeung “Hutbah Munggaran di pajajaran” beunang Yus Rusyana; “Runtag”, “Carem” jeung Stasion Para Arwah” beunang R. Hidayat Suryalaga”; “Juag Toéd” jeung “Siliwangi Mahara Pajajaran” beunang Yoseph Iskandar; “Jeblog” beunang Nunu Naéarudin Aéhar, jeung réa-réa deui.
Parandéné kitu, drama modérn Sunda mah sakapeung henteu leupas tina akar budayana. Upamana baé loba pintonan drama modérn anu ngahijikeun unsur téater modérn jeung téater tradisional. Upamana pintonana siga longsér, di tengah-tengah panggung maké oncor, pagelaranana saolah-olah di alam terbuka anu diriung- riung ku nu lalajo, aya interaksi langsung antara pamaén jeung nu lalajo, jeung sajabana. Tapi, éta kabéh diatur ku naskah, lain dadakan siga dina téater tradisional.
Materi Salajengna Nyaeta: Proses Mintonkeun Drama
Post a Comment