MEDAR PERKARA DRAMA | MATERI BASA SUNDA SMA
Di masyarakat (Sunda) nyampak rupa-rupa kasenian anu geus lila mekar, tumuwuh sarta hirup ti generasi ka generasi. éta kasenian téh
rupa-rupa wandana, salah sahijina wanda seni pintonan anu geus dipikawanoh tur dipikaresep ku masarakatna nyaéta, longsér. Dina kamekaran nu saterusna, wanda pintonan dirarobah jadi hiji seni pintonan anu dilarapkeun kana wanda sandiwara rakyat (tunil), nu kiwari mah leuwih dipikawanoh istilah drama. Jejer caritana biasana dicokot tina carita-carita buhun anu geus nyampak di masyarakat, upamana bae carita pantun jeung dongéng, saperti “Lutung Kasarung“, “Mundinglaya Di Kusuma“, jeung “Si Kabayan“.
Dina ieu pangajaran hidep dipiharep wanoh kana wanda drama, bisa ngaapresiasi jeung molahkeun éta drama.
Bab I Pintonan Drama
Saenyana di urang téh geus lila aya pintonan drama. Drama anu dipintonkeun babakuna mah nu ku para ahli sok disebut téater tradisional. Upamana baé banjet, longsér, ubrug, jeung sajabana. Ka dieunakeun aya nu disebut sandiwara atawa tunil. Mekarna sandiwara saentragan jeung komédi stambul dina basa Malayu atawa ketoprak dina basa Jawa. Sandiwara téh saéstuna pangaruh ti Barat anu muncul di urang dina awal abad ka-20.
Wangun téater tradisional anu ditataan di luhur téh sok disebut ogé téater rakyat anu di antara ciri pagelaranana téh tanpa naskah. Jadi, éstuning ngandelkeun improvisasi pamaénna baé dumasar kana pituduh ti sutradara. Malah dipintonkeunana ogé sakapeung tara dina panggung, tapi cukup di lapangan terbuka bari dicaangan ku obor atawa cempor. Kadieunakeun muncul deui anu disebut gending karesmén, nyaéta sandiwara anu dialogna (pagunemanana) ditembangkeun. Mun sandiwara mah tara maké naskah, gending karesmén mah aya naskahna. Lamun maké naskah téh kaharti, da tembang dina gending karesmén mah apan teu bisa didadak (improvisasi), béda jeung sandiwara nu dialog-dialogna atawa paripolah pamaénna beunang ku didadak. Ieu ogé pangaruh ti luar, nyaéta pangaruh opera anu jolna ti éropa. Tapi, dina gending karesmén mah lalaguanana téh dicokot tina tembang Sunda.
Loba pisan naskah-naskah gending karesmén anu kungsi ditulis jeung dipgalerakeun. Malah sawaréh mah pintonanana téh sohor pisan. Upamana baé gending karesmen “Sangkuriang” beunang R.T.A. Sunarya, “Galunggung Ngadeg Tumenggung” beunang Wahyu Wibisana, jeung “Si Kabayan” beunang Wahyu Wibisana jeung Koko Koswara.
Dina kamekaran saterusna lahir nu sok disebut drama modérn. Wangunanana lancaran, teu maké tembang siga dina gending karesmén. Ieu gé maké naskah, malah pintonanana gé diatur pisan numutkeun aturan seni panggung. Maké dékor keur séting panggung, maké tata lampu (éfék cahaya), musik, atawa gerak tari. Malah kadieunakeun deui, sajalan jeung kamekaran téknologi nu beuki canggih, pagelaran drama téh dipapaés ku unsur-unsur multimédia. Upamana dicampur ku gambar tina vidio, ngagunakeun musik digital, atawa nyiptakeun éfék gerak mékanik.
Di antara drama Sunda modérn anu kungsi dipanggungkeun téh nyaéta “Dakwaan” jeung “Bubat” beunang RAF; “Dua Utusan” jeung “Tonggérét Banén” beunang Wahyu Wibisana; “Masyitoh” beunang Ajip Rosidi; “Cahaya Maratan Waja” jeung “Hutbah Munggaran di pajajaran” beunang Yus Rusyana; “Runtag”, “Carem” jeung Stasion Para Arwah” beunang R. Hidayat Suryalaga”; “Juag Toéd” jeung “Siliwangi Mahara Pajajaran” beunang Yoseph Iskandar; “Jeblog” beunang Nunu Naéarudin Aéhar, jeung réa-réa deui.
Parandéné kitu, drama modérn Sunda mah sakapeung henteu leupas tina akar budayana. Upamana baé loba pintonan drama modérn anu ngahijikeun unsur téater modérn jeung téater tradisional. Upamana pintonana siga longsér, di tengah-tengah panggung maké oncor, pagelaranana saolah-olah di alam terbuka anu diriung- riung ku nu lalajo, aya interaksi langsung antara pamaén jeung nu lalajo, jeung sajabana. Tapi, éta kabéh diatur ku naskah, lain dadakan siga dina téater tradisional.
Bab II Proses Mintonkeun Drama Klik Didieu
Mahdalia Oktapiani - XII Mipa
ReplyDeleteandini rahmawati
ReplyDeleteX11 ips1
Rohid muhamad
ReplyDeletelili dhea lestari
ReplyDeleteXII ips 1
Siti robiah - Dewi Anjani - XII ips 1
ReplyDeleteRatih nadia - Dewi Anjani - ( XII ips¹)
ReplyDeleteHumaisyah Mardiah-Dewi nila-XII IPA
ReplyDeleteAzkiya-larasati-XII IPA
ReplyDeleteRetno - larasati - XII IPA
ReplyDeleteWulan Amelia
ReplyDeleteXII IPS 1
Tira anggraeni-XII IPA-Dewi citrawati
ReplyDeleteFajri-XII ipa-Srikandi
ReplyDeleteNama:Robi
ReplyDeleteKls :XII IPS¹
Deka Maesaroh - XII IPA - Dewi Nila
ReplyDeleteRiska mustika - Dewi Nila - XII IPA
ReplyDeleteSintia Listiawati - Srikandi- Xll IPA
ReplyDeleteKelompok dewi citrawati: Safitri handayani, siti nurjanah,Rahmi nirfauziyah,tira anggareni,rini wahyuni
ReplyDeleteAstrid dwi lestari- XII ips 2- Citra darma
ReplyDeleteSriwidari_dewisri_xxi ips 2
ReplyDeleteApnimaelani_abimanyu_xii
ReplyDeleteSepti sri mulyani_citradarma_XII IPS 2
ReplyDeleteSITI ROBIAH LUTFIAH-ANTASENA-XII IPS 2
ReplyDeleteSITI Mulyani_antasena_XII IPS 2
ReplyDeleteTeguh komara dewa XII IPS2
ReplyDeleteNama kelompok:Dwi sri
Rafly Muhamad Ramdhan XII IPS 2
ReplyDeleteNama kelompok : ABIMANYU
Nama: Fahmi permana nuralim_ XII IPS 2_ NAMA KELOMPOK 12 ABIMANYU
ReplyDeleteFahmi permana nuralim_kls XII IPS 2 KELOMPOK 12 ABIMANYU
ReplyDeleteNUR ASTRIA
ReplyDeleteFahmi permana nuralim_kls XII IPS 2_Kelompok 12 ABIMANYU
ReplyDeleteWindi Widiawati kls XIIips¹
ReplyDeleteWindi Widiawati kls XII ips¹,Citrasena
ReplyDeleteNadila siti nur hafidah XII Ips 1
ReplyDeleteNur astria XII Ips 1
ReplyDeleteNenti-XII IPA -Dewi Nila
ReplyDeleteNazwa Khoerunnisa - Citrasena - Xll ips1
ReplyDeleteTika Yuliani - Dewi Nila - XII IPA
ReplyDeleteTika - Dewi Nila - XII Ipa
ReplyDelete