Contoh Teks Panumbu Catur (Moderator) Dalam Bahasa Sunda
Contoh Teks Panumbu Catur (Moderator) Dalam Bahasa Sunda
Hadirin, dina jirangan (sesi) nu ka dua ieu, jejer bahasan téh sabudeureun “Ningkatkeun Aprésiasi Sastra Sunda di Kalangan Siswa SMA.” Anu janten pangjejerna nyaéta pangersa Bapa Dr. Gumiwang Raspati. Alhamdulillah dina danget ieu anjeunna parantos aya di tengah- tengah urang sadaya (Anjeunna masih kénéh calik dina korsi tamu, digéndéng ku kepala sekolah). Sumangga ka pangersa Bapa Dr. Gumiwang Raspati dihaturanan ka payun. Hatur nuhun.
(Sabada tarapti sapuratina, kakara panumbu catur mimiti nyarita)
Assalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh.
Kalayan ati nu wening, sumangga urang sami-sami muji sukur ka Allah SWT. tina sugri ni’mat anu parantos dilélérkeun ka urang sadaya. Kalayan widi-Na urang parantos dilawungkeun dina ieu pasamoan kalayan kawilujengan.
Kanggo mitembeyan ieu acara, supados bérés roés teu aya kuciwana, mangga urang sami-sami ngaoskeun basmallah sasarengan! Bismillahirahmanniraahiim!
Hadirin, hormateun sim kuring!
Dina enggoning, matéakeun jeung ngahirup-huripkeun pangajaran sastra Sunda, hususna daya aprésiasi sastra di kalangan para siswa téh tétéla henteu gampil. Tangtos seueur pisan bangbaluh nu karandapan ku para siswa, ti ngawitan perkara kirangna (méh disebatkeun teu aya) buku-buku bacaan sastra Sunda di perpustakaan sakola, teras néma kana minat katut karep siswa kana sastra Sunda nu kirang.
Margi salami ieu aprésiasi para siswa kana karya sastra Sunda téh tiasa disebatkeun ukur apal ngaran bari teu terang wujud, komo dugi ka ngararasakeun ni’mat atawa éndahna éta karya. éta hal téh tiasa ngagambarkeun kumaha kaayaan pangajaran sastra nu saéstu. Salami ieu para siswa téh tétéla mung dijejelan téori sastra wungkul (verbalisme).
Para wargi nu sami gaduh tékad ngamumulé budaya Sunda!
Ieu pasualan téh tinangtos kedah saénggalna dibébérés tur diropéa sangkan pangajaran sastra Sunda téh janten pangajaran nu pikaresepeun, kalayan tiasa ngipuk sikep jeung karep nu hadé di kalangan para siswa. Naon baé atuh strategi katut cara-cara pembelajaran aprésiasi sastra Sunda anu pikaresepeun tur tiasa ngirut siswa téh? Alhamdulillah, bingah anu taya hinggana wiréh dina danget ieu Dr. Gumiwang Raspati, kalayan kaweningan galihna parantos nyaosan pangulem panitia.
Hadirin, kanggo urang Sunda mah jenengan Dr. Gumiwang téh tangtos hamo bireuk deui. Anjeunna téh Doktor dina widang pangajaran sastra, anjeunna mah nya sastrawan nya budayawan Sunda. Payus pisan upami anjeunna téh tiasa disebatkeun pakar dina basa, sastra katut budaya Sunda. Nya panginten kanggo anjeunna tos “manukna” ari kana perkara sastra mah. Namung kanggo langkung wanoh, saha ari Gumiwang Raspati téh? Sim kuring baris ngadugikeun riwayat hidup (Curriculum Vitae) anjeunna. Gumiwang Raspati téh dibabarkeun di Bandung . . . jst.
Hadirin nu mulya, waktos nu disayagikeun ku panitia kanggo ieu jejer bahasan téh aya 60 menit. Sim kuring baris nyageranan ieu waktos 30 menit ka Dr. Gumiwang kanggo ngaguar ieu bahasan. Nu 30 menit deui urang mangpaatkeun kanggo acara sawala. Sumangga ka Dr. Gumiwang dihaturanan kanggo ngadadarkeun bahasanana . . . .
Sadérék sadayana, tah kitu geuning pedaran Dr. Gumiwang téh, kalintang matak narik atina tur kahartos kumaha gék-gékanana ngaronjatkeun apresiasi téh. Cindekna mah pangajaran sastra téh kedah dikawitan ku macaan buku karya sastra atawa lalajo heula pidanganana.
Hadirin, hormateun sim kuring! Aya kénéh waktos 25 menit deui, bilih di antawis sadérék aya anu kagungan kapanasaran, unek-unek atanapi badé ngadugikeun kamandangna mangga dihaturanan.
Aturanana, ka nu badé naroskeun atanapi sasauran, dipiharep ngacungkeun panangan sareng nyebatkeun jenengan. Kalihna ti éta, ka nu badé naroskeun patarosan téh mugia tujul baé kana pamaksadanana! Ieu jirangan téh badé diajangkeun heula kanggo lima panaros. Hal ieu saluyu sareng kasapukan pangjejer, patarosan sareng kamandang hadirin téh badé dicatet sadayana baé heula, waleranana badé disakantenankeun. Atuh ka hadirin upami masih kénéh seueur nu panasaran, insya Alloh manawi aya kénéh waktos, badé dibuka deui jirangan kadua.
Hatur nuhun, tina nu lima panaros téh, patarosan aya 3 nu 2 deui mangrupi kamandang. Kanggo ngawaler kumaha écés jéntréna, béntés pertélana perkawis naon- naon nu didugikeun nembé ku panaros, sumangga Dr. Gumiwang dihaturanan..........
Hadirin nu nyaah kana sastra Sunda !
Alhamdulillah, réngsé nembé kapihatur pedaran ti pangersa Dr. Gumiwang Raspati. Tina naon-naon nu nembé didugikeun ku anjeunna, tinangtos urang tiasa nyindekkeun ku anjeun yén ngaronjatkeun daya aprésiasi sastra téh geuning saleresna mah gampil, upami urang engeuh kana léngkah-lengkah atanapi cara-carana, sakumaha anu parantos didadarkeun ku Dr. Gumiwang nembé. Tah ti wangkid ayeuna mangga ka hadirin, urang sami-sami nawaétuan sareng urang kawitan ku macaan karya-karya sastra. Sakali deui sim kuring asmana panitia ngahaturkeun réwu nuhun ka pengersa Dr. Gumiwang Raspati nu parantos medar kamandangna perkawis aprésiasi sastra. Ka hadirin disuhunkeun kanggo masihan keprok ka Dr. Gumiwang Raspati.
Alhamdulillah ieu acara téh lumangsung kalawan
lancar, bérés roés taya kuciwana. Kanggo mungkas ieu acara, mangga urang sami-sami macakeun hamdallah sasarengan. Alhamdulillahirobbil’ alamiin.
Wabillahi taufik wal hidayah, wassalamu’alaikum warrahmatullahi wabarakatuh.
Post a Comment